Oleh Adi SumaryadiMinggu, 28 November 2010 09:09 WIB | Dibaca 5.345 kali

Kuring jeung babaturanteh moal aya deui tujuan kaditu nyaeta ngojay bari neangan remis atawa kerang tea mun urang kota nyebutmah, biasanamah rea oge warga sabudeureun cileutik anu ngegejoh-gejohkeun suku kana pasir bari teuleum, salah sahiji cara anu bisa ku urang dipigawe keur neangan kerang tea. Ngojay anu jadi kebiasaan saban minggu mun teu saban sore pastina teu kaliwat, kadang kuat tepika dua jam ngojak dina cai asin tepika baleureum. Mun keur teu musim remis, kuring jeung babaturan kapaksa neangan tiritip, nya sajenis kerang keneh ngan pedah neanganana butuh perjuangan da seukeut tea cangkangna, kadang kudu kaluar getih. Tapi perjuangan eta bakal kaubaran mun geus bareng-bareng jeung babaturan kumpul bari dudurukan taritip. Uhhh...seger pisan rasana, komo anu setengah mateng.
Ayeuna Cileutik teh sasatna tinggal kenangan, aya proyek pemerintah anu tujuanana nyaeta ngajieun pelabuhan sangkan parahu anu di laut kulon bisa dikumpulkeun di hiji tempat, daek teu daek da demi kabersihan sisi laut pangandaran warga kudu bisa narima. Pamandangan cileutik geus beda pisan ti taun ka taun, anu harita hirup di taun 90-an dipastikeun bakal pangling pisan ka ieu tempat. Cileutik tinggal saeutik, kadang bingung beh mana ieu cileutik anu baheula....
0 komentar:
Posting Komentar